PC DMI CIBARUSAH

Kajian Kitab Bahjatul Wuduh, Hadits Ke-2 Bersama Gus Faiz Ketua DMI Cibarusah

Cibarusah – Pengajian Rutinan majelis husnul awaqib setiap malam selasa di cibarusah diadakan di kediaman bapak Ujang Ipong, Senin (26/02/2024).

Agenda pengajian tersebut diawali dengan pembacaan manakib tuan Syeikh Abdul Qodir Al Jailani yang merujuk pada kitab Husnul Awakib susunan KHR. Ma’mun Nawawi. Selepas Manakib baru diisi dengan membaca kitab Bahjatul Wuduh dilanjutkan sholawat nariyahan.

Berikut adalah teks kajian Bahjatul Wuduh

Hadits ke-2 mertelakeun susah rejeng bungah di dunya pili ganti bae tara langgeng.

Riwayat ibnu bilal ti anas bin malik ra, dauhan Rasulullah SAW

كُلُ نعيم زائل الا نعيم اهل الجنة وكل همّ منقطع الا هم اهل النار

Hartina sadayana ni’mat eta bakal lengit anging ni’mat ahli syurga, jeng sadayana susah eta bakal pegat anging susah ahli naraka.

kumargi eta nalika datang bungah ka anjeun di alam dunya ieu ulah nemen-nemen teuing mijah, susukaan seseurian liwat wates, masing inget da ha moal langgeng sakedeung oge leungit. Jeng nalika datang susah ulah nemen-nemen teuing ngarasula wayahna sabar da moal mayeng sakeudeung oge longsong, sahingga henteu aya hiji poe malah hiji jam anging dua rupa, bingug rejeng bungah, pili ganti bae aya hurung aya parem, aya jaah aya surut, aya menang aya eleh, aya sekeut aya mintul, aya gagah aya keok, aya untung aya rugi, aya cageur aya gering, aya hirup aya maot jeng saterusna. tah iyeu cukup pikeun pamandangan pitutur yen kudu tauhid rejeng ibadah ka Allah ulah sadaek mawa karep sorangan, wayahna tutur parentah rejeng singgahan cecegahan Allah Ta’ala, da ngan sakeudeung hayang senang mah engke di syurga anu langgeng, jalma teh kacida mulyana lamun iman islam tur amal soleh jeng sakumaha teuing hinana engke di akhirat jalma anu sataranjang tina iman islam amal soleh, maka emutan hai dulur iyeu nasihat.

والله يهدى من يشاء الى صراط مستقيم

 

Lengkapnya

Exit mobile version